Tumgik
#ngabewarakeun
aggilbewara · 4 years
Text
Vihara Sian Djin Kupoh
Vihara Sian Djin Kupoh
Karawang, Bewarajabar.com — Bihari Karawang salah sahiji kota palabuan penting nu loba didatangan ku padagang asing, diantarana padagang ti  nagri Cina. Palabuan jaman harita nyaeta palabuan Tanjungpura. Para padagang ti Cina  loba nu nganjrek di Karawang. Ku sabab  beuki lila beuki loba bangsa Cina nu nganjrek, tangtu diperlukeun tempat ibadah pikeun maranehna, nyaeta vihara. Ahirna diadegkeun…
Tumblr media
View On WordPress
0 notes
aggilbewara · 4 years
Text
Tarumanegara Jaman Purnawarman
Bewarajabar.com — Karajaan Tarumanegara mangrupakeun Karajaan Hindu pangkolotna di Pulo Jawa sarta nu jadi karajaan kolot kadua di Nusantara sanggeus Karajaan Kutai. Karajaan Tarumanegara ngadeg taun 358 Masehi. Salah sahiji  titinggal (prasasti), nyaeta prasasti Tugu nu aya di Kecamatan Tarumajaya, Bekasi, Jawa Barat, netelakeun yen aya  hiji karajaan nu ngaranna Tarumanegara kalayan ngaran…
Tumblr media
View On WordPress
0 notes
aggilbewara · 4 years
Text
Raja Tarumanagara ti Magadha
Raja Tarumanagara ti Magadha
Bewarajabar.com — Raja munggaran Karajaan Tarumanagara, Jayasingawarman asalna ti Magadha, India. Anjeunna  datang ka tatar Sunda balukar peperangan di nagarana. Magadha, nyaeta karajaan gede di India, saperti nu dilalakonkeun di TV Swasta Indonesia dina sinetron jeung film TV nu judulna “Ashoka”. Jayasingawarman saurang maharesi atawa pandita. Anjeunna miang ti Magadha datang ka tanah Pasundan,…
Tumblr media
View On WordPress
0 notes
aggilbewara · 4 years
Text
Runtagna Karajaan Tarumanagara
Bewarajabar.com — Karajaan Tarumanagara, salah sahiji karajaan Hindu-Buddha di Indonesia. Karajaan nu lumangsung taun 358 nepi ka 669 Masehi teh diadegkeun ku Jayasingawarman, pandita ti Magadha, India. Jayasingawarman datang ka tatar Pasundan menta idin ka raja nu kumawasa, ngadegkeun lembur di sisi walungan Citarum. Eta lembur mekar jadi Karajaan Tarumanagara. Karajaan Tarumanagara terus mekar…
Tumblr media
View On WordPress
0 notes
aggilbewara · 4 years
Text
SDN Pisangsambo I Cagar Budaya Sakola di Tirtajaya
SDN Pisangsambo I Cagar Budaya Sakola di Tirtajaya
Karawang, Bewarajabar.com — Judul di “cover” buku induk ditulis dina basa Walanda. Identitas tabel di jero buku induk ditulis dina basa Walanda jeung basa Indonesia. Data siswa jeung orang tua siswa ditulis ku hurup sambung nu rapih tur tembong ipis kandelna. Ngaran siswa jeung kolotna lolobana ngaran Cina,  nuduhkeun yen loba urang Cina nu nganjrek di ieu lembur. Pacabakan maranehna tatanen…
Tumblr media
View On WordPress
0 notes
aggilbewara · 4 years
Text
Lembur Waru di Kecamatan Tegalwaru
Lembur Waru di Kecamatan Tegalwaru
Karawang, Bewarajabar.com — Waru mangrupa lembur nu lega deukeut Gunung Cipaga di tatar kidul Karawang nu kungsi jadi puseur dayeuh Kabupaten Karawang, pindahan ti Bojongmangu di Pasir Guguling nalika Kabupaten Karawang awal ngadeg. Lembur Waru kaliwatan ku Walungan Cigeuntis nu sungapanna di Gunung Sanggabuana. Wewengkon Waru kiwari jadi wilayah Desa Wargasetra Kecamatan Tegalwaru. Samemeh…
Tumblr media
View On WordPress
0 notes
aggilbewara · 4 years
Text
Poe Basa Indung Internasional Dipieling Unggal 21 Februari Ku Umat Sadunya
Poe Basa Indung Internasional Dipieling Unggal 21 Februari Ku Umat Sadunya
Bewarajabar.com — Bulan November 1999 Konferensi Umum UNESCO (United Nations Educational, Scientific and Cultural Organization) Perserikatan Bangsa Bangsa (PBB)  ngaproklamasikeun Poe Basa Indung Internasional (International Mother Language Day). Poe pangeling-ngeling nu sok dirayakeun ku umat sadunya teh munggaran  dilaksanakeun tanggal 21 Februari 2000 tur ditalungtik unggal taun kumaha…
Tumblr media
View On WordPress
0 notes
aggilbewara · 4 years
Text
Panineungan 10 Taun Katukang Sawala Guru Basa Sunda sa-Jawa Barat di Kampus Unpad
Panineungan 10 Taun Katukang Sawala Guru Basa Sunda sa-Jawa Barat di Kampus Unpad
Bewarajabar.com — Perwakilan  Guru Basa Sunda ti tingkat SD, SMP, SMA sa-Jawa Barat nu jumlahna ampir 200-an, ngalaksanakeun sawala (lokakarya) di Ruang Serba Guna (RSG) Gedung 2 Kampus Unpad (Universitas Padjadjaran), Jl. Dipati Ukur 35 Bandung, Kemis (22/9/2011) anu kaliwat. Ieu acara dideudeul (difasilitasi) ku Unpad, tur dibuka  ku Rektor Unpad Prof. Dr. Ir. Ganjar Kurnia, DEA kalayan…
Tumblr media
View On WordPress
0 notes
aggilbewara · 4 years
Text
Nu Ngageugeuh Kalibawah
Karawang, Bewarajabar.com — Saluran irigasi Tarum Utara Timur  lebah Kampung Kalenjeruk Desa Sukamekar (memeh dimekarkeun kaereh ka Desa Pacing) Kecamatan Jatisari, Karawang, sungapanna Bendungan Walahar di Kecamatan Klari. Kiduleun ieu walungan, kahalangan lembur Kalenjeruk, aya walungan gede nu alami. Ieu walungan teh ngaranna Kalibawah. Disebut Kalibawah jigana pedah beungeut caina  handapeun…
Tumblr media
View On WordPress
0 notes
aggilbewara · 4 years
Text
Wuluku Jaman Ayeuna
Bewarajabar.com — Rebun-rebun patani ngagiring munding, nanggung wuluku, mapay galengan sawah. Antara pukul 5-6 isuk anjog ka tempat garapeun. Tuluy nerapkeun sawed jeung pasanganna kana beuheung munding. Bari nyekelan bubuntut (cecekelan wuluku) patani ngahaleuang, “Mideur, … mideur deui, mideur deui, …. Kia kalen, kia kalen.” Munding noyod leumpang, sakapeung ruwal-rawel kana jukut. Patani…
Tumblr media
View On WordPress
0 notes
aggilbewara · 4 years
Text
Kaulinan Barudak Ucing-ucingan jeung Susumputan
Kaulinan Barudak Ucing-ucingan jeung Susumputan
Bewarajabar.com — Kangaranan barudak unggal waktu nu dipigawe iwal ulin. Estu teu mikiran nanaon. Teu nolih kana pangabutuh jeung kasusah kolot. Taun 70 han, kaulinan barudak diantarana ucing-ucingan jeung susumputan. Dina ulin ucing-ucingan, pikeun nangtukeun nu jadi ucing ngayakeun pilihan heula, milih nu eleh. Pilihanna mangrupa hompimpah. “Hompimpah alaihim gambreng. Ma Ipah make baju…
Tumblr media
View On WordPress
0 notes
aggilbewara · 4 years
Text
Cangkudu Ubar Lembur
Bewarajabar.com — Cangkudu tumuwuh di dataran rendah nepi ka daerah pagunungan nu jangkungna 1.500 meter tina beungeut laut. Biasana jadi sorangan di leuweung atawa di kebon nu teu diurus. Aya oge nu dipelak sisi pager di pakarangan imah. Cangkudu asli tutuwuhan Indonesia. Ngaran nasionalna Mengkudu. Ngaran ilmiahna dina basa Latin Morinda citrifolia. Urang Jawa nyebutna Pace, Kemudu atawa Kudu.…
Tumblr media
View On WordPress
0 notes
aggilbewara · 4 years
Text
Cecendet Ubar Diabetes
Bewarajabar.com — Paribasa “Cecencet mande kiara” nu hartina “Jalma leutik mapadani nu gede pangaruhna” geus dipikawanoh ku sawatara jalma, utamana ku nu resep ngabandungan “Dongeng” atawa nu sok maca Nopel Sunda. Kumaha ka tangkal cecendet? Jigana mah can pati warawuh. Komo kana jero-jeroanna mah. Cecendet mande kiara, diadukeun “warugana” tangtu eleh cecendet, da cecendet mah keur leutik teh…
Tumblr media
View On WordPress
0 notes
aggilbewara · 4 years
Text
Cengkeh Ubar Campak
Bewarajabar.com — Cengkeh asli tutuwuhan Indonesia. Diparelak di sakuliah Nusantara, sarta mibanda ngaran nu beda-beda. Diantarana di Bali, Wungu lawang; di Lampung, Cangkih; di Gorontalo, Hungolawa; di Ujungpandang, Cangke; di Ambon, Pualawane; di Halmahera jeung Tidore, Gomode. Ngaran ilmiahna dina basa Latin Syzygium aromaticum. Jangkung tangkalna bisa nepi ka 30 meter. Dahan-dahannna…
Tumblr media
View On WordPress
0 notes
aggilbewara · 4 years
Text
Di Mekarbuana Tegalwaru Ngabasmi Hama Make Berenuk
Di Mekarbuana Tegalwaru Ngabasmi Hama Make Berenuk
Bewarajabar.com — Buah berenuk sok dipake geuhgeuyan (pamoyokan) mun keur nyaritakeun bungbuahan. Buah nu wangunna buleud teh ukur dipake mengbal baheula mah. Sabab boro-boro ngeunah didahar, nu jelas pait rasana. Paling oge diarah kayuna jangeun suluh. Tapi, kiwari buah berenuk keur “naik daun”. Buah berenuk dicampur jeung bahan sejenna bisa dipake ngabasmi hama pepelakan, cara nu dipraktekkeun…
Tumblr media
View On WordPress
0 notes
aggilbewara · 4 years
Text
Dangiang Subang Larang Ngalanglang Tatar Karawang
Dangiang Subang Larang Ngalanglang Tatar Karawang
Karawang, Bewarajabar.com — Acara “Dangiang Subang Larang Ngalanglang Tatar Karawang” mangrupa seni kolaborasi nu ngalalakonkeun tokoh Nyai Subang Larang nu dikonsep tur disutradaraan ku Abah Sarjang sarta didanaan ku APBD, rengse manggung di unggal kacamatan di Karawang salila taun 2017. Abah Sarjang nalika ditepungan Bewarajabar.com netelakeun, dirina ngarasa sugema yen unggal  pintonan ieu…
Tumblr media
View On WordPress
0 notes