Tumgik
#contohsoalbahasasundakelas2
dapur-asik · 2 years
Text
Contoh Soal Bahasa Sunda SMK SMA Kelas 10 Akhir Semester
Tumblr media
Pada kesempatan kali ini, admin akan memberikan contoh soal bahasa sunda SMA SMK kelas 10 untuk Penilaian Akhir Semester atau yang lebih dikenal dengan PAS. Semoga contoh soal Bahasa Sunda ini bisa memberikan manfaat bagi para guru untuk dijadikan referensi. Oh iya, untuk contoh soal bahasa sunda SMA atau SMK ini, admin tidak menyertakan kunci jawabannya ya. Sehingga untuk mencari jawaban dari soal ini, harus benar-benar mengetahuinya atau bisa dicari melalui buku, atau jurus terakhir yaitu dengan menggunakan google search.
Contoh Soal Bahasa Sunda SMK SMA Kelas 10 Akhir Semester
Petunjuk Umum : - Bacalah Basmalah sebelum mengerjakan soal dan ucapkan Hamdalah apabila telah selesai mengerjakan soal. - Bacalah dengan teliti sebelum anda mengerjakan soal. - Isilah jawaban anda pada LJK yang telah disediakan. - Pastikan hasil jawaban anda benar, akurat, dan bersih. Periksa kembali hasil pekerjaan anda sebelum diserahkan kepada pengawas ruangan.
Contoh Soal Bahasa Indonesia Untuk SMA / SMK Kelas 10
Pilihlah salahsatu abjad a, b, c, d, & e pada pertanyaan dibawah ini dengan tepat & benar ! 1. Tarjamahan tina kalimah “Saya merasa bangga menjadi orang Sunda” anu merenah nyaeta… a. Kuring ngarasa bangga jadi urang Sunda d. Kuring ngarasa ngeunah jadi urang Sunda b. Kuring ngarasa reueus jadi urang Sunda e. Kuring ngarasa sugema jadi urang Sunda c. Kuring ngarasa agul jadi urang Sunda 2. Kecap-kecap basa Sunda anu hese ditarjemahkeun kana basa Indonesia, nyaeta kecap … a. Pangantet d. Sulur b. Panyambung e. Parentah c. Panganteur 3. Paribasa anu mangrupa tarjaman tina basa Indonesia nya eta... a. Wong becik ketitik wong ala ketara d. Adam lali tapel b. Waktu sarua jeung duit e. Gindi piker belang bayah c. Aya hurang handapeun batu 4. Paribasa Indonesia “Biar lambat asal selamat” hartina mirip jeung paribasa Sunda... a. Kajeun panas tonggong asak tiis beuteung d. Jauh-jauh panjang gagang. b. Kajeun kendor asal ngagembol e. Ulah gancang pincang c. Aya hurang handapeun batu 5. Ieu di handap heunteu kaasup kana carpon nu mangrupa tarjamahan tina basa Inggris, nyaeta... a. Carpon “keteg jajantung” ditarjamahkeun ku Atep kurnia d. Carpon “Pependeman Nabi Sulaeman” ditarjamahkeun ku Moh. Ambri b. Carpon “Haji Murod” ditarjamahkeun ku Atep Kurnia e. Carpon “Ucing Hideung” ditarjamahkeun ku Yuliana Mustofa c. Carpon “ngulampreng” ditarjamahkeun ku Hawe Setiawan 6. Lamun ek narjamahkeun, urang merlukeun kamus, nyaeta kamus... a. Ekabasa d. Asing b. Dwibasa e. Ensiklopedia c. Istilah 7. Ieu di handap tilu kamampuh basa nu kudu kacangking mun urang rek narjamahkeun, iwal kamampuh... a. Gramatikal d. Semantic b. Fonologis e. Pragmatic c. Sosiolinguistik 8. Ieu di handap urang asing anu heunteu nyusun kamus basa Sunda, nyaeta... a. R. H. Robins d. S. Coolsma b. A, Geerdink e. Jonathan Rigg c. H. J. Oosting 9. Basa lemes keur ka batur tina kecap bawa nya é.. a. Candak d. Jingjing b. Bantun e. Soren c. Angkat 10. Anu teu kaasup kana kecap-kecap basa Sunda serepan tina basa Arab,nya é.. a. Iman d. Abadi b. Ahlak e. Takwa c. Agama 11. Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur pamohalan disebut.... a. Carpon d. Biografi b. Dongeng e. Fiksimini c. Sketsa 12. Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongeng... a. Farabel d. Mite b. Legenda e. Babad c. Sage 13. Ieu di handap anu heunteu kaasup kana ciri-ciri dongeng nyaeta… a. Sakabeh eusi caritana bohong. d. Ngandung unsur-unsur pamohalan. b. Teu jelas nu ngarangna. e. Awalna kagolong kana sastra lisan. c. Sumberna tatlepa sacara lisan. 14. Unsur-unsur carita dina dongeng sarua jeung unsur prosa fiksi sejenna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita, nyaeta… a. Tema d. Galur b. Palaku e. Latar c. Purwakanti 15. Dina dongeng “Sangkuriang” aya unsur pamohalan, diantarana wae nyaeta... a. Raja kahampangan dina balokeng. d. Dayangsumbi kawin jeung Si Tumang. b. Dayangsumbi boga anak sangkuriang. e. Sangkuriang saenyana anak raja. c. Sangkuriang nyieun parahu. 16. Dina dongeng Si Kabayan, tokoh anu langka dicaritakeun the nyaeta... a. Si Iteung, pamajikan Si Kabayan d. Sobatna Si Kabayan b. Si Atok, anakna Si Kabayan e. Si Kabayan c. Mitohana Si Kabayan 17. Ieu di handap anu kaasup kana kalimah pangharepan, nyaeta… a. Muga-muga wae rencana urang bias laksana! d. Sigana mah ulah indit ayeuna, bisi macet! b. Hayu urang rencanakeun we nu leuwih asak! e. Tiasa nyuhunkeun cai! c. Jung bae ti heula, kuring mah aya perlu heula! 18. “Punteun Wan, pangnyandakkeun buku basa Sunda dina kantong! Kalimah di luhur kaasup kana kalimah… a. Pamenta d. Pangjurung b. Panitah e. Pangwawadi c. Panyarek 19. Ieu di handap mangrupa kecap anu ilahar dipake dina kalimah parentah, iwal…. a. Manga d. Wah b. Cing e. Hayu c. Punten 20. Ieu di handap omongan anu heunteu kaasup kana kalimah parentah, nyaeta …. a. Sampurasun! d. Antosan sakedap nya! b. Manga ka lebet! e. Rampes. c. Teu kenging calik di dinya! 21. Hal-hal atawa aktivitas anu dipilampah ku urang dina hiji waktu di tempat nu tangtu disebut… a. Diajar d. Peristiwa b. Kagiatan e. Pangalaman c. Kajadian 22. Kagiatan anu dilaksanakeun ku sakola, tapi di luareun kagiatan diajar nu formal, disebut kagiatan…. a. Kurikuler d. Nonformal b. Formal e. Informal c. Ekstrakurikuler 23. Kagiatan nu dipilampah ku ngayakeun indit-inditan ti imah ka tempat tujuan tur dilaporkeun hasilna dina wangun tulisan seperti dina Koran atawa majalah disebut … a. Wawancara d. Touring b. Neangan warta e. Panalungtikan c. Lalampahan 24. Ieu di handap anu heunteu kaasup kana gunana kagiatan kemah pramuka keur para siswa, nyaeta …. a. Bisa nembongkeun kapribadian jeung kalemesan budi d. Jadi tohaga fisikna b. Jadi babari mikir (pinter) e. Ngalatih kalemesan budi c. Nambah kagiatan ekstrakurikuler 25. Ieu di handap anu heunteu kaasup kana rengrengan utama panitia calaraga, nya eta… a. Pupuhu d. Panata harta b. Anggota e. Wakil pupuhu c. Girang serat 26. Laporan jurnalistis mah ilaharna ditulis ku… a. Panalungtik d. Wartawan b. Siswa e. Penyiar c. guru 27. Ieu di handap kaasup kana kecap rajekan dwipurwa, nyaeta… a. Tatajong d. Dadahut b. Pipiti e. Kakara c. Cacakan 28. Kecap rajekan dwikeka nu dibarengan ku rarangken, nyaeta… a. Bubuahan d. Plak-plik-pluk b. Dialing-alungkeun e. Kadupak-dupak c. Dibulak-balik 29. Ieu di handap kalimat anu ngandung kecap rajekan dwimurni, nyaeta…. a. Para siswa keur dialajar basa Sunda. d. Di Bendungan Jatiluhur urang bias paparahuan. b. Di aula sakola ruru-guru keur karumpul. e. Pasosore dina bulan puasa sok rea nu ngabuburit. c. Barudak kelas X keur dialajar tetembangan. 30. “Jatmika the sababaraha kali jadi pinunjul kelas”. Dina kalimah di luhur aya kecap rajekan anu wandana… a. Dwimadya d. Dwireka b. Dwipurwa e. Trilingga c. Dwimurni 31. Rumpaka kawih teh saenyana mah sarua jeung sajak pedah sok dihaleuangkeun. Ieu di handap anu henteu kaasup kana unsur-unsur lahir rumpaka kawih, nyaeta… a. Tema d. Purwakanti b. Tipografi e. Imaji c. Gaya basa 32. Ieu di handap kaasup unsur citraan dina rumpaka kawih, iwal citraan… a. Swara (pangdenge), panempo, pangsara d. Pangrampa, pangdenge, pangambeu b. Panempo, pangrasa, pangrampa e. Pangambeu, pangrasa, pangdenge c. Pangrasa, pangrampa, pangdenge 33. Lamun ditingali tina jumlah jajaran jeung purwakantina, lagu “Es Lilin” the disusun dina wangun… a. Paparikan d. Papantunan b. Rarakitan e. Tatarucingan 34. Baca rumpaka ieu kawih! Es lilin mah, aduh, kalap muda Di bantun mah, geuning, ka sukajadi Abdi isin, geuning, samar kaduga Sok sieun mah, aduh, henteu ngajadi   Purwakanti dina rumpaka kawih di luhur, nyaeta…. a. e-d-a-s d. a-i-a-i b. Da-di-ga-di e. m-s-k-ng c. Muda-sukajadi-kaduga-ngajadi 35. Eusi pada kahiji rumpaka kawih “Es Lilin”, nyaeta… a. Es lilin dijieunna tina kalap muda. d. Sieun teu jadi dibawa ka Sukajadi. b. Abdi isin samar kaduga sabab sieun teu ngajadi. e. Abdi isin sieun teu ngajadi. c. Es lilin dijual ka Sukajadi. 36. Rumpaka kawih “Papatong” teh ngawanti-wanti yen… a. Hirup teh moal lila ulah kajongjonana. d. Mun rek indit kudu pamitan. b. Papatong nu hiber ku jangjangna. e. Papatong minangka lambing kahirupan manusa. c. Jalma hirup ibarat papatong nu hiber. 37. Basa sempalan ieu rumpaka kawih! Prak reureuh tina kariweuh Prak pasrah ka nu Kawasa Prak reureuh tina kariweuh Prak pasrah ka nu Kawasa   Ceuk sempalan rumpaka kawihdi luhur, urang the… a. Kupagawean mah moal aya beakna. d. Kudu pasrah ka Pangeran. b. Kudu aya istirahatna tina pagawean. e. Salawasna hirup teh riweuh. c. Henteu tuluy-tuluyan gawe, aya waktuna keur ibadah. 38. Ieu di handap kalimah anu henteu ngandung kecap sipat, nyaeta… a. Manehna keur bageur teh pinter deui. d. Manehna mah teu pinter-pinter teuing, ngan alus milikna we. b. Pinter-pinterna mah budak teh ngan adigung. e. Keur pinter the geulis budak teh. c. Kapinteran kudu dipake keur kapentingan hirup. 39. Kecap sipat anu hartian ‘paling’, aya dina kalimah… a. Manehna teh pangrajinna di kelasna. d. Dedi henteu sarajin Maman. b. Wanda jeung Neni sarua rajinna. e. Wati mah rajin, ari Dodo kedul. c. Dadang leuwih rajin ti batan Yadi. 40. Ieu di handap anu teu kaasup kana kecap sipat tina rumpaka kawih “Papatong”, nyaeta… a. Kajongjonan d. Luhur b. Reureuh e. Ngageter c. Koneng
Download contoh soal Bahasa Sunda SMK atau SMA Kelas 10 Penilaian Akhir Semester
Bagi kalian yang sedang mencari contoh soal bahasa sunda untuk kelas 10 SMA / SMK bisa kalian download format microsoft word dibawah ini: Silahkan Download Read the full article
0 notes